Senin, 03 Juni 2013

Keur Budak

mun seug nginget-nginget mangsa nu ka tukang,nyaeta mangsa dimana kuring keur budak ( da ayeunamah geus ABEGE) sakapeung sok sura-seuri sorangan , kawas nu gelo anyar.kadang sok ngeclak cai panon oge.
komo mun ngingetkeun keur sakola SD mah, baheula kuring sakola di SDN Bab sukamanah.
isuk-isuk jam satengah 5,kuring sok geus hudang,tap kana kopeha nu geus belél jeung samping sarung nu warna buereum.tuluy nyampeur si sisti rek ngaji subuh,
kuring baheula ngaji subuh teh di tajug Abah uyut.
beres ngaji tuluy balik ka imah,tuluy gebrus mandi di cai pancuran abah Roja,
sa enggeus mandi kuring make baju saragam,beres make saragam,kuring nyisiran,buuk teh di belah hoe,da baheula mah keur usum buuk belah hoe
kurang leuwih cara ieu tah gaya na










sa nggeus eta, tap kana tas nu gamar na panji manusia milenium, keur ususm pan baheula mah film panji,matakan ti mimiti tas nepika baju,gamar na pasti panji.
teu poho make topi tersayang anu warna biru,keur usum harita ge sinetron Tersayang .











mun indit sakola kuring sok dibekelan duit 200 perak, da baheula mah duit sakitu teh mahi jang meuli cilok opat.
tah mun pas jajan cilok sok dilamotan saos na, mun geus beak saos na,sakapeung sok di anclomkeun deui kana saos,tara ngambeuk si emang nage,da gz biasa kabeh ge kitu.
salain ti cilok kuring sok jajan tic-tic, harga na 100 perak sa bungkus .


balik ti sakola,kadang kuring tara langsung balik ka imah, biasa na sok mandi heula di walungan jeung babaturan.
pernah sakali mangsa,keur mandi di walungan,pek aya guru ngalewat,kuring jeung babaturan langsung lumpat nyumput ka sawah bari sataranjang. untung we nteu ka tingalieun, sabab mun katingalieun,isukan di sakola pasti di setrap,lantaran mandi di wahangan teh ulah baheula mah ku guru,bisi budug cenah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar